• Carpon "Abah"


    Angin hahiliwir. Dangdaunan tina tatangkalan nu tegak ngajalejer rapi kaciri ngalambai – lambai ti kajauhan. Hawa nu tadina panas ayeuna bet jadi tiis. Suku bari disolonjorkeun dina korsi harepeun imah. Suasana nu ngan kapanggih di kampung. Ti tempat kuring ayeuna, kuring bisa nenjo ka jero imah liwat jandela. Nu remang – remang katenjo ngan nini jeung aki nu keur caricing.
    Geus leuwih ti dua bulan, kuring cicing di imah nini jeung aki. Maklum, tos sababaraha bulan ieu indung jeung bapak kuring keur sisibukna gawe. Meureun bakat ku sibukna nelpon ge mani jarang komo ngalongok kadieu. Tapi kuring ngarti kana pagawean indung jeung bapak kuring nu jadi patinggi di kabupaten.
                Baheula mah ari cicing jeung nini aki sok betah, embung balik. Ari hirup jeung nini aki mah sagala kahayang teh pasti kacumponan. Beda lamun jeung indung bapak. Koret. Tapi ayeuna mah beda. Geus sababaraha poe ieu nini jeung aki jarang patanya. Teuing pedah naon. Mani asa teu enak bade di taroskeun teh. Sok rada isin narosna.
                 Saperti biasana poe ieu kuring jeung nini sasapu di pakarangan imah. Karunya ari nini wungkul nu sasapu mah da pakarangan imahi teh rada lumayan lega.
                ”Ni Onay, Kuring tadi nempo si abah deui ker jeung awewe di saung deket sawah kuring.” Gorowok ibu – ibu bari lumpat nyamperkeun nini.
                ”Jeung saha?” bales nini nanya.
                ”Teuing. Teu ka tempo bengeutna mah, kahalangan ku tatangkalan.”
                ”Nini geus nanyakeun can ka abah.” ceuk ibu – ibu eta deui.
                ”Teu hayang nanya na ge. Ken we sina ngaku sorangan atuh.” bales nini
                Kuring pura – pura sasapu ngadeketan, bari ngadengekeun omongan nini jeung ibu – ibu eta. Ehm...Kuring ayeuna ngarti. Kuring ayeuna apal, payabab nini jeung abah jarang patanya. Tapi kunaon abah bet sakitu tegana ka nini. Kuring rada teu percaya. Abah teh geus jiga aki sorangan jang kuring. Bahkan kuring teh leuwih dekeut keneh ka abah dari pada jeung aki.
                Emang bener, Nini emang pernah pepegatan tuluy teu lila meunangkeun si Abah. Abah nu ti leuleutik ngurus kuring mun indung jeung bapak keur sibuk.
                ”Nini atuh isuk cuang ka saung deket sawah kuring, da sok hampir unggal poe si abah ka dinya. Boa teuing isuk si abah rek papanggih jeung awewe eta deui.” ceuk si ibu – ibu mere usul
          ”Enya atuh. Kuring ge panasaran saha awewe nu daekeun ka si abah. Sakitu geus kolot ge” tembal nini
    Peuting ayeuna kuring teu bisa sare. Gugulingan na kasur. Ka beh dieu asa teu ngenah komo ka beh ditu. Kuring masih keneh teu ngarti kana polah na Abah. Meureun si Abah teh keur ngarasakeun puber ka 2? Atawa si Abah geus teu resepeun deui ka si Nini?
    Ngok ngok ngok ngok..............
    Sora hayam nandakeun geus janari. Isuk – isuk keneh ge abah tos teu aya di bumi. Duka ka mana. Meureun bener ayeuna abah rek papanggih jeung awewe eta deui.
    ”Nini” saur ibu – ibu nu kamari.
    ”Nini hayu”
    ”Naha bet rek wayah kieu? Karek ge jam 7” nini ngagorowok ti dapur.
    Kuring nu keur lalajo tipi tuluy hudang nuturkeun nini.
    ”Ni, kuring hoyong milu.” ceuk kuring
    Nini teu ngajawab. Nini tuluy ngalengkah ka luar imah. Kuring nuturkeun. Karunya nini, sakitu geus kolot tapi cocoba dina hirupna beuki beurat. Teu karasa nu katenjo ayeuna ngan hamparan sawah nu hejo. Ti tungtung nepi ka tuntung deui nu katenjo ngan sawah. Lengkah nini beuki tarik ninggalkeun kuring jeung si ibu. Lengkahna nini nuduhkeun ka hiji tempat. Eh bener aya saung. Aya abah. Abah keur duaan. Awewe? Dada kuring beuki tarik ngadetak. Kuring nyaruakeun jeung lengkah nini nu beuki tarik. Kuring sakeudeung deui apal. Kuring sakeudeung deui nyaho. Saha awewe nu dipikareuseup ku abah. Beuki deukeut tapi beungeutna can keneh katinggal. Beungeut na kahalangan ku dangdaunan. Tapi sababaraha lengkah deui kuring bakal apal nu sabenerna. Irungna pangheulana kaciri. Bagir. Tuluy leungeun jeung sukuna katingal bodas beresih. Jiga nu ngora keneh.  Pantesan abah resep. Beuki lila beungeutna katingal remang - remang. Asa kenal. Beungeut na asa sok pependak. Kuring beuki panasaran.
    ”Ningsih.”
    ”Emak.” kuring jeung nini ngabelenghak kaget.
    Jadi nu sok papanggih jeung abah unggal isuk teh emak. Emak ngan boga saeutik waktu jang ngurus kabutuhan hirup kuring jadi ngan bisa papanggih jeung abah wungkul. Maklum nini jeung aki teu tiasa di damel da tos sepuh.
    ”Naha atuh abah tara bebeja ka nini?” kuring nanya panasaran
    ”Si nini na ge henteu nanya.” bales abah polos

0 komentar:

Posting Komentar